Posts

PAGUNEMAN "KEMPING DI SAKOLA" 3 ORANG

Image
Santi : Gin, saurna engke wengi Minggu bade acara kemping di sakola. Leres, kitu?
Gina : Leres. Ke enjing saurna serat kateranganana dibagikeun ku Pa Anda.
Nuning : Naha nganggo serat keterangan sagala, kanggo naon?
Gina : Serat katerangan kanggo sepuh, supados aruningaeun naon margina Pa Anda ngayakeun acara kemping di sakola.

Nuning : Oh! Saurna ieu mah kemping istimewa, sanes kemping pramuka anu biasa. Kemping sapertos kumaha, nya?
Gina : Geuning eta Nuning mah tor terang, tisaha?
Nuning : Pedah we barudak tos ibur. Bakal resep cenah. Sadayana oge ngariring
Gina : Tos ibur, nya? Muhun, kamari Pa anda ngobrol sareng pangurus OSIS, rupina teras pawartos-wartos, nya?

Nuning : Muhun, Gin, aratoheun pisan barudak teh
Gina : Nya resep we ari seueuran nu bade ngariring mah. Ongkoh kempingna henteu matak hariwang da ieu mah tempatna di buruan sakola.
Santi : Naha ku naon henteu di alam bebas we atuh, nya Gin? Kan langkung happy? Di sakola mah lah, teu aneh!

Gina : Nyeta, Pa Anda tehh saurna hoyong ng…

MATERI TATAKRAMA URANG SUNDA

Image
Hidep tangtu kungsi ngadenge istilah tatakrama. Geuning sok aya nu nyarita “Kudu boga Tatakrama atuh ari hayang diajenan ku batur ma.” Atawa, “Ih, jelema teh teu make tatakrama, ngomong bari tipoporongos kitu.”


Naon ari tatakrama teh? Tatakrama asalna tina basa Sangsekerta; tata hartina aturan atawa palanggeran; krama hartina hormat. Jadi tatakrama teh aturan dina ngahormat atawa aturan sopan santun anu disaluyuan ku warga masarakat, pikeun silih ajenan jeung nu lian.

Unggal bangsa atawa suku bangsa ngabogaan tatakrama sewang-sewangan saluyu jeung tradisi sarta ajen moral anu dianutna. Urang Sunda tangtu wae boga tatakrama anu mandiri, anu jadi ciri urang Sunda. Ieu tatakrama teh ngawengku aturan dina anggah-ungguh (gerak anggota badan) jeung aturan dina omongan atawa basa anu digunakeun.

Tatakrama anu patali jeung anggah-ungguh upamana bae, cara sasalaman, cara diuk (awewe kudu emok, jsb), awak rengkuh lamun nyarita jeung jalma anu dihormat, jsb.

Aru nu patali jeung omongan atawa pra…

SI KABAYAN NGELEHKEUN GAJAH!

Image
Dina raraga mieling Kamerdekaan Republik Indonesia, Panitia Nasional ngayakeun saembara nalukkeun gajah, Carana: 1. Kudu bisa ngangkat salah sahiji suku gajah raksasa nu ngahaja didatangkeun ti Afrika, nu ka-2. Kudu bisa ngagibegkeun hulu gajah eta keneh.

Nu dalaptar estu loba pisan, malah mah ti sa-pangeusi dunya daratang. Kabeh calon peserta awakna baradag, aya ti Amerika, Rusia, urang Negro, Walanda, jeung nagara-nagara sejenna. Ari ti Indonesia ngan saurang nu miluan teh, awakna nya leutik nya pendek. Euweuh sari-sari boga kakuatan manehna teh.

Singhoreng geuning Si Kabayan ti Tatar Sunda. Sakabeh Panitia, calon peserta, oge nu lalajo......euweuh nu teu ngahina ka Si Kabayan ari ningali kaayaan awakna siga kitu mah. Rek teu kitu kumaha, da gajah nu rek dilombakeun teh beurat awakna ampir 30 ton. Teu kabayang kumaha gedena eta gajah.

Si Kabayan mah cuek bebek we. Daptar ka panitia bari maksa sagala. Malah mah rada-rada ngancam rek nga-bom tempat eta mun teu diidinan. Nya ahirna mah…

SI KABAYAN MORO UNCAL!

Image
Isuk keneh Si Kabayan jeung mitohana geus harudang, lantaran poe eta maranehna rek ngilu moro uncal. Urang kampung geus saraged, make calana sontog, samping dibeubeurkeun kana cangkeng, bedog panjang nyolegreng. Sawareh marawa tumbak. Anjing rageg geus hayangeun geura ngudag boroan ka leuweung.


Nenjo batur saraged teh Si Kabayan mah teu ieuh kapangaruhan. Manehna mah nyantey we, make sarung dikongkoyangkeun. Batur-batur marawa bedog, manehna mah kalah mawa peso raut.
“Keur naon mawa peso raut, Kabayan?” tatanggana nanya. “Keur nyisit uncal,” jawabna.

Nu rek moro laju indit. Tepi ka leuweung, der ngasruk. Anjing rageg ti kulon, ti kaler, ti wetan. Jalma-jalma pating corowok. Nu megat ayana di beulah kidul, lebah bubulak. Ari Si Kabayan misahkeun maneh. Manehna mah nangtung handapeun tangkal jambu batu bari tatanggahan, neangan jambu asak.

Keur tatanggahan, gorowok nu ngagero, “Pegaat…!” Si Kabayan ngalieuk. Ari torojol teh ti jero rungkun, uncal jaluna. Tandukna ranggah. Si Kabayan can…

SI KABAYAN MARAK

Image
Si kabayan jeung mitohana rebun-rebun geus nagog sisi walungan. Teu lila burudul rahayat, maksudna rek marak walungan dumeh bakal kasumpingan tamu agung ti dayeuh. Ari kasedepna tamu, ceuk kokolot desa, nyaeta lauk walungan.

Tah, poe ieu teh paratamu rek dibageakeun goreng tawes, pais nilem, jeung beuleum kancra dicoelkeun kana sambel jahe ditinyuh kecap. Mangkaning ngahaja sanguna oge pare anyar, nya bodas nya pulen. Leuh, piraku we tamu henteu nimateun.

Nu mengkong walungan garetol naker. Si Kabayan oge gadag-gidig manggulan batu jeung gebog cau keur mengkolkeun jalanna cai. Haneut poyan oge cai teh geus orot, lauk nu galede geus tembong tinggudibeg. Kadewek Si Kabayan meunang tawes sagede tampah. Barang rek diasupkeun kana korangna, kokolot ngomong, “Ulah dikanakorangkeun, eta mah keur semah.”

Kedewek deui Si Kabayan meunang nilem sagede dampal leungeun. Kakara ge diacungkeun geus gorowok kokolot, “Alungkeun kana cireung, keur semah. Mangkaning kasedepna pais nilem. Heg bae beunteu…

SI ABAYAN JADI DUKUN

Image
Aya hiji kaluwarga nu eusina Kabayan jeung pamajikanna. Kasaharian sikabayan sapopoe teh ngedul sarta nyiksa pamajikanna. Tatanggana teh hayang ngabantuan sikabayan tapi nya sipamajikannana teh nolak da ari kusalaki sorangan mah teu nanaon cenah.

Tapi dina jero hatena mah ambek we sipamajikanna teh. Hiji waktu sikabayan teh teh ngala suluh ka leuweung. Terus aya saudagar anu neangan dukun pikeun ngubaran putrana anu pireu, ngaranna teh Nyi Hasanah. Tapi sabenerna mah Nyi Hasanah teh teu pireu tapi Nyi Hasanah teh  teu narima ka bapana yen dek dikawinkeun jeung Haji Latip, padahal Nyi Hasanah teh boga nudipikabogoh nyaeta jang Agus.

Tah nyaho kitu pamajikan sikabayan teh nyebutkeun yen dileuweung aya dukun anu neangan suluh,  tapi sidukun teh teu daek ngaku manehna dukun mun manehna teu ditonjokan heula. Langsung we sisaudagar jeung pangawalna indit weh ka leuweung. Panggih weh sikabayan jeung saudagar sarta pangawalna. Habek-habek we etamah sikabayan ditengelan. Sisaudagar nanya “Sila…